• Breaking News

    Rupa-Rupa Kapamalian Urang Sunda

    Rupa-Rupa Kapamalian Urang Sunda :
    1. Ulah ok nyiduhan, matak jadi aul.
    2. Ulah ngepuk ku baju, matak kurap.
    3. Ulah neunggeul ku sapu, matak jingjingeun.
    4. Ari keur dahar ulah sok pipindahan, matak loba dunungan.
    5. Budak parawan ulah sok nyeupah hareupeun sémah, matak saréséheun.
    6. Ulah ngalengkahan baréra, matak peluh.
    7. Ulah ngadahar buah urut kalong, matak rodék susu.
    8. Ulah nyiciam cangkir pinuh teuing, matak dikulak deungeun.
    9. Ulah muruy dina sumur, matak titeuleum.
    10. Ulah ditiung ku baju, maak apes.
    11. Ulah naggeuhkeun gulungan samak, matak gering saimah-imah.
    12. Ulah nékér gadawesi deukeut seuneu, matak malarat.
    13. Ulah ngangin dinu lénglang, matak diguyurkeun palung.
    14. Ulah ngising ngaréndéng, matak parebut anak.
    15. Ulah méré ketan ka budak, matak cadél.
    16. Ulah nangtang angin gedé, matak ngabuang sorangan.
    17. Ulah naékan tangkal gedang, matak ragrag matak édan.
    18. Ulah ngaheureuyan bangkomg, matak muriang.
    19. Ulah nulungan bancét ku oray, matak incok.
    20. Ulah meuleum batok, matak nyeri tuur.
    21. Ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék.
    22. Ulah nénjo nu meuncit mu ding, matak dangdan beureum beungeut.
    23. Ulah meuleum sapu panjaraan, matak tiiseun.
    24. Ulah dahar uyah dina tengah-tengah dahar, matak hujaneun di jalan.
    25. Ulah resep nguah, matak tiis panyaraan.
    26. Ulah nginum bari nangtung, matak tobat dihampura.

    Tidak ada komentar:

    Posting Komentar